Selasa, 14 Juni 2011

Masalah Adzan Jum'at Dua Kali dan Masalah Qobla Jum'at


MASALAH ADZAN JUMA’AH DUA KALI
SARENG
MASALAH QABLIYAH JUMAT
Ditulis/dikempelkeun ku: Asep Saeful Kholik, S.Hi (Aang)*
Di Taskhih ku
                          KH. Khutib Tabroni Sareng K.A. Ridwan Jamaksyari          

A.   Masalah Adzan Jum’at Dua Kali
Dina kitab I’anatuttlhalibin Jilid I Halaman 232 (Cetakan Karya Toha Putra Semarang,tt) di tulis:  
ويسن أذانان للجمعة احدهما بعد صعود الخطيب المنبر والآخر الذى قبله
Hartosna: “jeung sunat adzan dua kali kanggo shalat juma’ah, salah sahijina dilakukeun sa atos khotib naek ka mimbar, anu lainna dilakukeun samemeh khotib naek mimbar”
Dina kitab sohih bukhori ditulis:

 
وفى البخارى كان الاذان للجمعة على عهد رسول الله صلى الله عليه وسلم ولأبى بكر وعمر حين يجلس الامام على المنبر, فلما كثر الناس فى عهد عثمان رضى الله عنه امرهم بأذان آخر على الزوراء.
Hartosna: sareng dina kitab bukhori –dijelaskeun- adzan dina sholat juma’ah di jaman Rasululloh SAW, sareng dijaman Sayidina Abu Bakar Rda, nyakitu di Jaman Sayidina Umar Rda, dilakukeun dina waktu imam tos naek/calik di mimbar, ngan samangsa tos seueurna jalmi di jaman Sayidina Usman bin Affan, Rda, sayidina Usman marentah ka jalmi-jalmi supados ngalakukeun adzan anu sejena / nambihan sakali deui adzan (samemeh khotib naek ka mimbar) di luhureun Jaura’

Sajarah Adzan Jumat dua kali.
Khalifah anu katilu Sayidina Usman Bin Affan (ngajabat khalifah ti tahun 23 H dugi ka tahun 35 H) nambihan adzan deui di luhureun Jaura’ margi Sayidina Usman Bin Affan ninggal jalmi anu bade juma’ahan kalintang seueurna, sareng tempat damelna patarebih sahingga dina Ijtihad-na, saur Sayidina Usman bin Affan meryogikeun tambihan adzan anu maksadna mangrupikeun peringatan/ngawartosan ka jamaah supaya siap-siap ngajug-jug juma’ahan, sakumaha di Tulis dina kitab Shoheh Bukhori Juz I, Halaman 117 atanapi dina kitab Matan al-Bukhori juz I Halaman 162:
عن السائب بن يزيد قال كان النداء يوم الجمعة اوله اذا جلس الامام على المنبر على عهد النبي صلى الله عليه وسلم وابى بكر وعمر رضى الله عنهما فلما كان عثمان رضى الله عنه وكثر الناس زاد النداء الثالث على الزوراء.
3
 
Hartosna:“ti Saib bin Yazid anjeuna nyarios: adzan dina juma’ahan kawitan nana dilakukeun dina waktos imam parantos naek mimbar,ieu  di jaman Rasulullah SAW, nyakitu di jaman Sayidina Abu Bakr Sidiq, Rda, di jaman Sayidina Umar Rda, ngan dina mangsa Sayidina Usman Bin Affan Rda, sareng parantos seueurna jalmi, anjenna  nambihan “adzan anu katilu” diluhureun Zaura.” (pangna disebat adzan anu katilu sabab Qomat disebat adzan anu kadua, tegesna: tartib Adzan Juma’ahan dijaman Sayidina Usman, Rda, adzan anu kahiji samemeh khotib naek ka mimbar, teras jama’ah (jalmi-jalmi) ngalakukeun sholat Qobliyah jum’ah, dua roka’at anu mu’akad, dua roka’at Goer mu’akad, teras khotib naek ka mimbar, tos khotib di mimbar nembe dilakukeun adzan kadua, tos beres khutbah, teras Qomat. Anu sakumaha lazim dilakonan ku urang sadaya). ( Shoheh Bukhori Juz I: 117 / Matan al-Bukhori juz I Halaman 162)
Padamelan Sayidina Usman ieu teu tiasa disebat Bid’ah anu dzolalah, margi diwidian ku Baginda Rasululloh SAW, kanggo anut ka para Sohabat, khususna para sohabat anu kalebet golongan Khulafa al-Rosyidin, dawuhan kangjeng nabi:
قال النبى صلى الله عليه وسلم: اصحابي كالنجوم بأيهم اقتديتم إهتديتم
Parantos ngadawuh kangjeng Nabi SAW: Sahabat kami laksana Bentang gumintang, kamana –kasaha- wae anjeun anut, pasti anjeun nampa pituduh (pasti bener)”
Dina kitab Sunan Abu Dawud Juz IV Halaman 201 di tulis:
فعليكم بسنتى وسنة الخلفآء الراشدين المهديين من بعدي. )رواه ابو داود والترمذى, الجزء الرابع ص ٢٠١(
Hartosna: “ maka wajib ka aranjeun kabeh nurut kana Sunnah kami sareng Sunnah Khulafa al-Rosyidin (Sy. Abu Bakr, Sy, Umar, Sy, Usman sareng Sy. Ali, Karomallohu wajhah wa Rodiallohu Anhum) sa atos mangsa kami” (HR. Abu Dawud wa Thurmudzi- tingal kitab Sunan Abu Dawud Juz IV Halaman 201)
Bahkan padamelan Sayidina Usman ieu kalebet bid’ah sunnah atanapi bid’ah hasanah. Dina kitab Majalis al-Saniyah Halaman 87 ditulis:
“Jeung Bid’ah teh narima kabagi kana pirang-pirang hukum anu lima: wajib, contona belajar ilmu Nahwu jeung Shorof , Haram, contona ngadamel madzhab /aliran bid’ah anu sulaya sareng Sunnah, Sunnah conto padamelah sohabat anu tos Ijma (sepertos adzan dua kali), makruh conto mapaesan masjid ku tulisan-tulisan endah, mubah conto ngadamel katuangan anu enak-enak jeng lainna”
Imam Qashthalani dina kitab Mawahibu Al-Laduniyah, Juz II hal:249, Zarqani, Juz II hal 328, matwakeun; bahwa saestuna padamelan Sayidina Usman Bin Affan janten Ijma Syukuti, margi teu aya hiji jalmi pun tikalangan Ulama Shohabat anu nolak atanapi ngabantah kana padamelanna Sayidina Usman Bin Affan.
Oge masih masalah adzan dua kali tiasa di tingal deui dina kitab I’anatuttlhalibin Jilid I Halaman 232 (tinggal oge dina matanna masih halaman anu sami).
واذانان للجمعة احدهما بعد صعود الخطيب المنبر والآخر الذى قبله انما أحدثه عثمان رضى الله عنه لما كثر الناس فاستحبابه عند الحاجة كأن توقف حضورهم عليه.
Hartosna: “sareng disunatkeun dua kali adzan dina juma’ahan anu anu salah sahijina dilakukeun sa atos khotib naek ka mimbar, ane sejenna dilakukeun samemeh khotib naek ka mimbar, eta teh mangrupikeun padamelan Usman Bin Affan samangsa seueurna jama’ah, maka hukumna Sunat lamun aya hajat, sepertos nunggu hadirna akhli jum’ah kana adzan Jum’ah”

Penjelasan nana: Sunat adzan dua kali dina jumat lamun aya hajat, didieu di contoan hajatna teh: كأن توقف حضورهم عليه   sepertos nunggu hadirna jalmi kana juma’ahan/adzan jum’ah, tegesna biasana lamun teu acan ka rungu adzan mah ja’maah tara waka hadir kana Juma’ah” eta disebatna :
تمثيل للحاجة “conto dina hajat”. Kumaha ceunah, pan saur tadi oge jalmi tos pada kumpul, teu kedah nungguan deui, berarti tos teu aya hajat.! maka jawaban nana aya keneh hajatna anu sanesna nyaeta nunggu/masihan kasempetan kanggo jalmi ngalakonan shalat sunat Qabliyah juma’ah. Tah berarti hajatna teh ayeunana mah sanes ngan ukur ngantosan hadirna jama’ah tapi di tambih ku masihan kasempetan ka jama’ah kanggo ngalaksanakeun shalat sunat Qabla jum’ah.

B. Masalah Qabliyah Juma’ah

 
Dina bahasan anu dipengker parantos dijelaskeun saestuna salah sawios Illat adzan juma’ah dua kali teh margi masihan kasempetan ka jama’ah kanggo ngalakanonan sholat sunat Qobla Jum’at. Ngan peryogi di bahas kadudukan shalat Qabliyah jum’at, supados langkung kahartos, da aya anu nyebat bahwa dina juma’ahan mah teu aya qobla, da hadis Sulaik al-Qathafani mah pajarkeun eta hadis shalat sunat Takhiyyatul masjid. Waleran nana mangga aos/titenan tulisan  anu di handap ieu.
- Aya salah sawios hadits anu diriwayatkeun ku shahabat Jabir bin Abdillah dina kitab Sunan Ibnu Majah Jilid I, Halaman: 344, anu unggelna.
عن جابر بن عبد الله قال دخل سليك الغطفاني المسجد والنبى صلى الله عليه وسلم يخطب, فقال أصليت؟ قال لا, قال فصل ركعتين.
Hartosna: “ti Jabir bin Abdullah, parantos nyarios: lebet -salah sawios sohabat- anu namina Sulaik al-Ghatafani ka masjid, sedengkeun waktos harita kangjeng Nabi SAW nuju khutbah, maka nyarios kangjeng nabi, Naha anjen tos sholat? Ngawaler Sahabat Sulaik, teu acan! Maka nabi SAW nimbalan, solat anjen dua raka’at!”. (H.R. Ibnu Majah, Sunan Ibnu Majah Jilid I halaman 344)
-
8
 
“Ti sahabat Ibnu Abbas, anjena nyarios; kangjeng nabi SAW salat sunat 4 raka’at samemeh juma’ah bari teu diwates tiap-tiap raka’atna (ku salam).”  (H.R. Ibnu Majah)
- 
9
 
Ti Abi Hurairah sareng Abu Sofyan ti Jabir r.a. dua nana parantos nyarios, datang sulaik al-Ghatafani, rasulullah SAW waktos harita nuju khutbah, maka Nabi nyarios: naha anjen tos sholat dua rokaat samemeh datang kadieu? Waleran nana, teu acan. Maka Rasulullah SAW cumarios: Sholat anjen dua roka’at sareng ringankeun wae (teukengeng ngaosna ayat-ayat/surat anu paranjang-panjang). Upami aya anu nyarioskeun bahwa hadits anu ngenaan Sahabat Sulaik al-Gathafani Rda. ieu mangrupakeun hadis shalat sunat Takhiyyatul Masjid, ieu kaliru pisan, sabab pasti anu ditaroskeun ku nabi dina waktos harita shalat Qobla jum’at, sabab shalat takhiyyatul masjid tangtos moal dilakonan salianti di lebet masjid. Kangjeng Nabi Naros ku cariosan: “Naha anjen tos shalat sunat (di imah atawa dijalan) samemeh kadieu (lebet ka masjid).? Sahabat Sulaik ngawaler: teu acan, maka nabi miwarang supados Sulaik al-Gathafani ngalakukeun shalat sunat dua roka’at. Jelas dina hadis ieu nabi SAW nganjurkeun shalat Qobliyah sateuacan calik ngupingkeun khutbahna khotib.
-  Diriwayatkeun ku shahabat Nabi Abdullah bin Mas’ud Rda, anu unggelna
وروي عن عبد الله ابن مسعود انه كان يصلى قبل الجمعة اربعا -وبعدها- اربعا.
Hartosna: “diriwayatkeun ti Abdullah bin Mas’ud saestuna anjeuna shalat sunat samemeh juma’ah opat roka’at jeung sa atosna opat roka’at”. (Soheh Thurmudzi Jilid II, halaman 312)
Abbdullah bin Mas’ud Rda, mangrupikeun sahabat anu utami sareng anu disepuhkeun, oge dipercaya ku nabi SAW nyepeng amanah sareng salamina sasarengan wae sareng kangjeng Nabi SAW. Dicarioskeun oge, bahwa Sofyan Atsauri sareng Ibnu al-Mubarok, ngalakonan anu sakumaha dipidamel ku shahabat  Abdullah bin Mas’ud Rda. (Soheh Thurmudzi Jilid II, halaman 312)
-  Hadis Riwayat Bukhori Muslim, ti Abdullah bin Mughofal anjena nyarios:
v   عن عبد الله بن مغفل قال, قال رسول الله صلى الله عليه وسلم: بين كل اذانين صلاة
Hartosna: “ti Abdullah bin Mughofal anjena nyarios; rasululloh SAW parantos nyarios, antara dua adzan aya shalat (sunat)” (HR. Bukhori Muslim).
v   عن ابن عمر قال صليت مع النبي صلى الله عليه وسلم ركعتين قبل الظهر وركعتين بعدها
“ti Ibnu Umar Rda, anjena nyarios, kami sholat sareng Rasululloh SAW dua roka’at samemeh dzuhur dua roka’at saba’dana (Soheh Thurmudzi II : 219)
Hadist-hadist anu nyarioskeun bahwa kangjeng nabi netepan Qobla Dzuhur sareng Ba’da dzuhur tos seueur dipendakan ku urang sadayana dina kitab-kitab hadis anu kasohor (kutubussitah). Shalat kangjeng nabi aya anu dua roka’at jeung aya anu opat roka’at, sholat ba’da dzuhur sareng ba’da jum’at aya anu dilakukeun di bumi anjeuna.
Upami kangjeng nabi netepan Qobla Dzuhur maka eta berarti kangjeng nabi oge nganjurkeun supaya shalat Qobla Jum’at, sakumaha cariosan Imam Nawawi dina Majmu :
11
 
والقياس على الظهر
Hartosna:“(masalah Juma’ahan) diqiyaskeun wae kana shalat Dzuhur”
Tegesna:الجمعة كالظهر  ari Juma’ah teh eta sepertos Dzuhur
Kusabab kitu shalat sunat Qobliyah Jum’ah miboga dalil-dalil anu kuat dina netepkeun kasunatan nana.
والله اعلم
Maroji(Daftar Pustaka)                                                              
1.    Soheh al-Bukhori” Abi Abdullah Muhammad bin Ismail al-Bukhori,
2.    Matan al-Bukhori Bi Khasiyati al-Syanad. Dar al-Ihya
3.    Soheh Muslim
4.    Nailul Autar, Imam As-Saukani
5.    Sunan Abi Dawud
6.    Sunan Thirmidzi
7.    al-Muwatho, Imam Malik
8.    I’anat attholibin, Sayid Muhammad Syatho, Toha Putra Semarang
9.    Kifayatul ahyar, Muhammad Taqiyudin
10. Majalis as-Saniyah
11. Nihayatuzain
12. al-Majmu Syarah Muhadzab
13. Jauhar Tauhid, Syaikh Ibrohim al-Bajuri
14. al-Bajuri ala Ibni Qosi, Syaikh Ibrohim al-Bajuri
15. Jam’ul Jawami’ , al-Imam Tajuddin Abdul Wahab Ibn As-Subki

·         Penulis nyaeta Pengurus YASPINDA dan Kepala Sekolah SMP Plus Nurul Huda Yaspinda, Cisompet-Garut.

Senin, 13 Juni 2011

Masalah Peringatan Maulid Nabi SAW

MASALAH PERINGATAN MAULID
NABI MUHAMMAD SAW*
Ku: Asep Saeful Kholik, SHI

بسم الله الرحمن الرحيم
اَلْحَـمْدُ للهِ, وَلاَحَـوْلَ وَلاَقُـوَّةَ اِلاَّ بِاللهِ, أَشْهَدُ اَنْ لآاِلَهَ اِلاَّ الله وَحْـدَهُ لاَشَـرِيْكَ لَهُ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَـيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُـولُه, اَللَّهُـمَّ صَـلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ مِفْتَاحِ بَابِ رَحْمَةِ اللهِ, عَـدَدَ مَا فِى عِلْمِ اللهِ, صَـلاَةً وَسَـلاَمًا دَائِـمَيْنِ بِدَوَامِ مُـلْكِ الله, وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَالاَه  ﴿اما بعد﴾
Sadaya puji milik sareng hak na Alloh SWT, teu aya daya kangge nebihan larangan Alloh SWT sareng teu aya kakiatan kangge ngalakonan ka-ta’at-an ka Alloh SWT anging kalayan pitulung-Na, nyaksikeun urang, saestuna teu aya pangeran anu hak diibadahan anging gusti Alloh SWT, anu sahiji anu teu peryogi kana rencang, sareng nyaksikeun urang saestuna kangjeng Nabi Muhammad SAW mangrupikeun Abdi sareng Utusan-Na, Shalawat sareng salam pamudah-mudahan salamina ngocor ngagolontor ka paduka anu mulya Muhammad SAW anu janten pamuka panto rohmat-Na Alloh SWT, oge ka kaluargana, sahabat-sahabatna  ka para pangikut-pangikutna. Amin. Wa ba’du.
Satiap lebet kana sasih Rabiul Awal, kaum Muslimin  dimana wae mapag kalayan gumbira, diayakeun rupa-rupa perayaan anu ngandung tujuan kanggo ngawujudkeun rasa mahabah sareng karinduan kana sosok pribadi baginda Rasululloh SAW, didinya di bacakeun sajarah singkat baginda Rasululloh SAW, sahingga peringatan/mieling kana di babarkeun nana baginda Rasululloh SAW mangrupikeun kagiatan anu kacida manfaatna kanggo ngawanohkeun sosok pribadi Baginda Rasululloh SAW ka palaputra urang, calon penerus estafeta perjuangan Islam, sahingga diharepkeun kuayana peringatan ieu, umat Islam teu hilap kana purwa daksi-na, aya tuturkeunen, aya pieunteungeun, aya picontoeun jeung suri tauladan anu nyata, Nyatana kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Dina salah sawios hadist Soheh anu diriwayatkeun ku Imam ad-Dailami sareng Ibnu Najjar, baginda Rasululloh SAW parantos cumarios:
أَدِّبُـوْا أَوْلاَدَكُـمْ عَلَى ثَـلاَثِ خِـصَالٍ: حُـبِّ نَبِيِّكُمْ, وَحُـبِّ أَهْـلِ بَيْتِـهِ, وَقِـرَاءَةِ اْلقُـرْآنِ.
Didik palaputra aranjeun kabeh ku tilu perkara, nyaeta: supaya mikacinta ka Nabi aranjeun, supaya mikacinta ka keluarga Nabi sareng supaya ngaos al-Qur’an”. (HR. Ad-Dailami sareng Ibnu Najjar)
Kumargi kitu yakin peringatan sepertos maulid nabi SAW kacid manfaatna kanggo ngenalkeun baginda Rasululloh SAW anu janten suri tauladan (uswatun Hasanah) anu layak janten idola anak incu urang sadaya.
Ngan hanjakal, di jaman ayeuna teu saalit jalmi anu nyarioskeun bahwa maulid teh mang-rupakeun kagiatan pa-bid’ah-an anu sasar tur nyasarkeun, anu ngalaksankeun nana bakal lebet naraka, Naudzubillah!!!. Kuayana kitu disarengan ku niat anu suci, seja ngamumule tur ngagung- keun kangjeng Nabi SAW, simkuring bari munut tulung minang saraya ka gusti Alloh SWT anu maha kawasa kalayan neda Syafaat ti Baginda Rasululloh SAW, nyusun kana ieu Risalah anu dikempelkeun tina kitab-kitab salafiyah sareng buku-buku bacaan anu aya patalina sareng ieu bahasan, anu ngagaduhan maksad, mudah-mudahan ku maca buku alit ieu urang langkung terbuka dina memahami hakekat Maulid Nabi SAW, sahingga urang salamet tina pamahaman anu kaliru tur tina perdebatan-perdebatan anu teu aya manfaat sareng teu aya pungkasan nana.
Harepan, mudah-mudahan tulisan basajan ieu manfaat kangge penyusun sakulawargi utamina istri(teh Wina, S.Sos)  sareng putri penyusun Neng Nadiya Lutfiyah Mubarokah sareng Neng Najma Muthmainah Syafariyah, mudah-mudahan sing janten jalmi anu tiasa neladani kana kepribadian Rasululloh SAW, oge sepuh tur guru anu utami Abah Haji sareng mamah anu parantos ngadidik ka simkuring, nu ngandung tur ngawayu- ga ka simkuring (mudah-mudahan panjang yuswa bari barokah, aya dina bimbingan sareng pangraksa Alloh SWT), oge mudah-mudahan manfaat kangge muslimin wal muslimat sadaya, tur mudah-mudahan urang  sadaya kengeng syafa’at ti Mantena jaga di Yaumul jaza wal hisab,. Amin Ya Robbal Alamin.

Hakekat Pangeling-ngeling
Maulid Nabi SAW

Di nagara urang, poe-poe anu ngandung sajarah dina Islam tos dijantenkeun hari Besar Nasional, sahingga aya istilah Peringatan Hari Besar Islam (PHBI), bahkan sok dirayakeun di istana Nagara, ieu dilakonan kumargi tos janten kabiasaan umat Islam di nagara urang ngayakeun peringatan poe-poe anu bersajarah tur ngandung hikmah pieunteungeun keur umat, sepertos peringatan Maulid Nabi SAW, Isra Mi’raj, Nuzulul Qur’an, Nisfu Sya’ban, Muharaman/As-Syuro’ jeung anu sanesna.
Ngan dina akhir abad ka 20-an di urang jalmi tos mulai harengheng, margi seueurna fatwa sareng propaganda anu nyebatkeun saenyana peringatan-peringatan seperti kitu teh mang-rupakeun bid’ah Dzolalah, bid’ah anu sasar tur nyasarkeun. Sahingga nguping hal sarupa kitu jalmi  anu awam mah janten ragu sareng sieun, kuayana hal eta peryogi dibahas kalayan bahasan anu merele eces nemres, jelas tur jujur dumasar katerangan anu bisa dipertanggung jawabkeun.
Diantawis propaganda jalmi anu ngaharam -keun atawa nga-bid’ah-keun kana acara-acara pangeling-ngeling sepertos Maulid Nabi SAW, Para wargi mungkin kantos nguping cariosan sepertos kieu!
Sagala hal anu anyar eta Bid’ah jeng sakabeh anu bid’ah eta salah (dzolalah/sesat). Nabi SAW mangrupikeun sosok manusia anu sampurna, bari nyandak agama anu sampurna, lamun temah acara peringetan Maulid Nabi SAW bagian tina agama, maka pasti Nabi SAW bakal marentah ka umatna kanggo ngalaksanakeun nana, tapi dina kanyataan nana mah anjeuna heteu pernah marentah ka salah sawios sohabat-sohabatna kanggo ngalaksanakeun Peringatan Maulid, jadi jalma jaman ayeuna mah nyanyahoanan make jeung nagaya- keun maulud-mauludanan”!!!
Parawargi, sapintas mah eta propaganda teh ciga anu bener jeung ngayakinkeun, mungkin dina waktos nguping propaganda sapertos kitu jalmi anu awam mah bakal katipu, sahingga belot tinu biasana sok muludan jadi tara bahkan nga-haramkeun. Ngan benten sareng pamadegan para ulama salaf anu arapik lamun rek nembrakeun hukum teh, teu asal Fatwa tapi ditaluntik heula dalil-dalilna -bari cukup elmuna-. Cobi tengetan ungkapan dihandap ieu sabagai jawaban tina propaganda anu disebat diluhur:
Rasululloh SAW mangrupikeun sosok jalmi anu paling sampurna sareng paling wijaksana, anjena ngajelaskeun ka urang aturan hirup kalayan eces nemres supaya urang salamet dunya jeung akherat, dina ngabimbing umatna nuju ka jalan anu dipikaridho ku Alloh SWT, anjena sanes ngan ukur marentah ngalakukeun hiji perkara anu dipikaridho ku Alloh SWT, tapi anjeuna oge nga-jelaskeun naon wae saniskara anu dilarang ku agama anu kedah ditebihan ku umatna, kusabab kitu kacida aneh pisan lamun aya jelema anu wawanianan ngalarang ka umat Islam ngalakukeun paringatan Maulid Nabi SAW, sedengkeun nabi ku anjen teu pernah ngalarang, pami temah eta peringatan maulid Nabi SAW dilarang ku agama (Haram) pasti Nabi SAW bakal ngaluarkeun hadis anu eusina ngalarang ka umatna kanggo ngalaksanakeun maulid sakumaha anjena tos nga-jelaskeun sagala rupi hal anu dilarang ku agama, dina kanyataan nana teu aya hiji hadis oge anu ngalarang ngalaksanakeun Mauludan, bahkan teu aya ti kalangan Sohabat atanapi Tabi’in anu ngalarang umat Islam ngayakeun acara peringatan mauludan. Jadi aneh lamun aya jalmi anu wawanian ngaharamkeun atanapi ngalarang maulid Nabi SAW, padahal nabi SAW ku anjeun teu kantos ngalarang”
Sahingga kantos ka pribados aya anu nyuhunkeun dalilna Maulid, baik tina al-Qur’an atawa al-Hadist anu marentah kana Muludan, ku pribados teu diwaler, ngan saur pribados, cing atuh pribados oge nyuhunkeun dalil tina al-Quran atanapi tina al-hadist anu ngalarang kana maulidan, ternyata manehna teu bisa nunjukeun dalil anu ngaharamkeun kana mauludan, da puguh teu aya anu ngaharamkeun oge.!
Parawargi sadaya. Uih deui kana bahasan anu tadi, lamun temah satiap kagian anu teu dicontokeun ku Nabi SAW sareng sohabat hukumna Haram jeung sesat, maka sakabeh jalma Islam dina hakekatna waktu ayeuna aya dina kasesatan/pangharaman! Naon sababna? Urang candak conto, diantawisna Mushaf al-Quran al-Karim anu kasakseni tur sok diaos ku urang unggal dinten. Naha leres, pencetakan sareng panulisan Mushaf al-Quran dugi ka bentuk anu ayena teh dicontoan ku Nabi SAW? Saha anu ngadamel I’rob/baris, Fattah, kasrah, dzomah sareng anu sanesna anu aya dina al-Quran? Saha anu mere titik Ba’, Ta’, Tsa, Jim, Kho sareng anu sanesna? Naha eta ti Nabi atanapi Sanes? Jawaban nana Sanes! Sabab dina sajarah pencatetan al-Quran, tanda baca sareng titik dina huruf hijaiyah anu aya dina Mushaf al-Quran nembe aya dina akhir abad anu ka hiji tina taun hijriyah.
Jalmi anu munggaran ngadamel titik huruf hujaiyah dina Mushaf al-Quran namina Yahya Bin Ya’mar (ngantunkeun dina taun 90 H) sedengkeun tanda baca, Fattah, kasrah, dzomah jeung sukun nembe aya saatosna.
Dina masalah ieu, imam Gozali nyebat- keun dina kitab Ihya al-Ulum addin, juz I: halaman 259. Cetakan, Darul fikr, Beirut, Tt.
وَلاَ يَمْنَعُ مِـنْ ذَلِكَ كَوْنُهُ مُحْدَثًا, فَـكَمْ مِنْ مُحْدَثٍ حَـسَنٌ كَمَا قِيْلَ فِىْ إِقَامَـةِ الْجَمَاعَاتِ فِى التَّـرَاوِيْحِ إِنَّهَا مِـنْ مُحْدَثَاتِ عُمَرَ رَضِىَ اللهُ عَـنْهُ وَاِنَّهَا بِدْعَـةُ حَسَنَةٍ, اِنَّمَا الْبِدْعَةُ الْمَذْمُوْمَةُ مًا يُصَادِمُ السُّنَّةِ الْقَـدِيْمَةَ اَوْ َيـكَادُ يُفْضِىْ إِلَى تَغْيِيْرِهَا
teu dilarang -mere titik dina mushaf al-Quran- sanajan eta perkara anyar (Bid’ah/Muhdast), sabab loba pisan perkara anu anyar anu sae, sepertos dicarioskeun; bahwa adegan taraweh anu dilakukeun secara ber-jama’ah eta teh mangrupakeun perkara anyar –padamelan- sayidina Umar Rda, jeung padamelan eta teh mangrupakeun bid’ah anu sae (bid’ah Hassanah), bid’ah anu dicacad (anu dzolalah) teh, nyaeta sagala pagawean anyar anu bertentangan sareng sunnah anu tipayun atawa anu bisa ngarobah sunah” (Imam al-Gozali, Ihya al-Ulum addin, Darul fikr, Beirut, juz I:259)
Di jaman ayeuna, para ulama parantos ijma, saestuna mere tanda baca dina al-Quran hukumna wajib, sabab ageung pisan manfaatna kanggo umat Islam dina maham al-Qur’an.
Jelas pan, geningan tah naon anu henteu dicontokeun ku Nabi SAW, oge teu diparentah-keun sacara langsung, teu acan tentu haram atawa sesat, salami teu aya dalil anu ngaramkeun nana, maka eta can tangtu haram. ( Mangga Lenyepan.!!!)
Tina uraian diluhur, parawargi tangtos tiasa nyimpulkeun nyalira, saestuna peringatan-peringat an poe bersejarah dina Islam, naon wae bentukna eta lain pangharaman atawa pabid’ahan anu sasar, ngan syarat, acara palaksanaan nana henteu patoja’iah jeung al-Quran al-Hadist, dina kagiatan eta di eusi ku kagiatan anu sae, sepertos diaoskeun hikayat-hikayat anu matak ngagugah tur ningkat-keun kakiatan iman umat, sepertos metode anu dianggo ku Sulthon Solahudin al-Ayubi pajabat mesir di jaman ka kholifahan Abbasiyah anu ngayakeun sayembara penulisan sajarah nabi, diaoskeun al-Qur’an, tablig, shalawat jeung nu sanesna, asal teu kaluar tina kolidor ajaran agama Islam, sahingga Rasululloh SAW ngadawuh:
مَـنْ سَـنَّ فِى اْلاِسْـلاَمِ سُـنَّةً حَسَنَةً فَعُمِلَ بِهَا بَعْدَهُ كُتِبَ لَهُ مِثْلُ اَجْـرِ مَنْ عَمِلَ بِهَا وَلاَ يَنْقُصُ مِنْ اُجُـوْرِهِمْ شَيْءٌ, وَمَنْ سَنَّ فِى اْلاِسْلاَمِ سُنَّةً سَـيِّئَةً فَعُمِلَ بِهَا بَعْدَهُ كُتِبَ عَلَيْهِ مِثْلُ وِزْرِ مَنْ عَمِلَ بِهَا وَلاَ يَنْقُصُ مِـنْ أَوْزَارِهِمْ شَيْءٌ (رواه مسلم)
“Sing saha jalma anu nyontoan dina Islam ku conto –perbuatan- anu sae, terus eta padamelan teh diamalkeun ku batur, maka manehna bakal meunang ganjaran jalma anu ngamalkeun ku eta amal jeung moal dikirangan ganjaran nana saeutik oge, jeung sing saha jalma anu nyontoan dina Islam ku conto amal anu goreng, terus eta amal teh dipigawe ku batur, maka manehna bakal meunang dosa sakabeh jalma anu migawe na kana eta amal bari moal dikurangan eta dosa saeutik oge” (HR. Muslim)

 Peringatan Maulid
dicontokeun
ku Nabi Muhammad SAW

Ngaos judul ieu tangtos palawargi ngaraos kaget, margi salami ieu sering pisan urang nguping saestuna peringatan / pangeling-ngeling lahirna kangjeng Nabi SAW teu aya ti Nabi-na, tegesna henteu dicontokeun ku baginda Rasululloh SAW. Omat palawargi ulah katipu ku cariosan sapalih jalmi anu teu bertanggung jawab, tapi hayu urang buka al-Qur’an, urang pelajari Hadist sareng sajarah secara jujur.
Naon atuh saleresna hartos peringatan teh? Ti payun urang tos ngabahas peringatan /pangeling-ngeling, tapi upami ditaros hartos peringetan mah, sadayana teu tiasa ngawaler sacara ilmiah.
Kanggo ngawalerna, Kumargi urang dumuk (calik) di Negara Kesatuan Republik Indonesia (NKRI), maka ngarah langkung kahartos sareng sapantesna, urang muka/ningal kana kamus bahasa Indonesia anu tos janten bahasa baku anu disaluyuan ku sadaya akhli bahasa Indonesia tur diakui ka absahan nana ku Depdibud, nyaeta Kamus Besar Bahasa Indonesia.
Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia (Depdikbud, Terbitan Balai Pustaka, Cetakan ka 7, edisi ka 2, taun 1996, hal 379), harti peringatan nyaeta:
Mengadakan sesuatu (seperti perayaan, selamatan) untuk mengenang atau memulia-kan sesuatu atau peristiwa” (ngayakeun hiji perkara (sepertos perayaan, salametan) kanggo mieling atanapi ngagungkeun hiji perkara atanapi hiji peristiwa/kajadian).
Ningal kana eta definisi, jelas, anu namina peringatan teh nyaeta hiji kagiatan anu dilakukeun kanggo mieling (mengenang) atanapi ngagung-keun (memuliakan) hiji perkara atawa hiji kajadian. Jelas upami dihubungkeun kana peringatan maulid Nabi SAW, atawa dihubungkeun ka pribadi Nabi SAW, saluyu pisan sareng katerangan al-Quran katut al- Hadist, oge atsar Shahabat, sabab dina al-Qur’an seueur pisan firman Alloh SWT anu nunjukeun ka mulyaan kangjeng Nabi SAW, oge sueur peristiwa anu dikenang tur disebat dina al-Quran anu patali sareng kangjeng Nabi SAW, sepertos, peristiwa Isro mi’raj, nuzulul Qur’an, Hijrah, jsb. Komo tina atsar shahabat, para sohabat sakitu ngagungkeun na ka kangjeng Nabi SAW, ajrih tur ngamumule kangjeng Nabi SAW.
Bahkan upami palawargi nitenan kana kahirupan kangjeng Nabi SAW, maka bakal mendak katerangan ternyata kangjeng Nabi SAW ku anjeun anu nyontoan tur mieling kana kalahiran nana. Dina salah sawios hadist Soheh anu diriwayatkeun ku Imam Muslim, Abu dawud sareng Imam Ahmad, disebatkeun: “sayaktosna dina hiji waktos kangjeng Nabi SAW ditaros ku para shohabat tentang alesan saum dinten senen, Rasululloh SAW ngawaler:
فِـيْهِ وُلِدْتُ وَفِيْهِ أُنْـزِلَ عَلَيَّ
“Dina poe eta kami dilahirkeun jeung dina eta poe diturunkeunna wahyu (al-Qur’an) ka kami” (HR. Imam Muslim, Abu Dawud sareng Ahmad)
Cobi palawargi perhatoskeun hadist nu nembe, para shohabat naros tentang saum dinten senen, tapi kangjeng Nabi SAW kalahka ngawaler tentang kalahiran sareng dilungsurnakeun nana wahyu (al-Qur’an), ieu ngandung hartos kangjeng Nabi SAW hoyong nunjukeun ka para shohabat saestuna poe senen janten mulya ku sabab pribadi Nabi SAW dibabarkeun dina eta poe. Dina waktos Rasul SAW ditaros tentang puasa senen, anjeun henteu ngajelaskeun kautamian puasa-na, tapi kalahka ngjelaskeun kamulyaan poe senen na. cobi perhatoskeun deui hadist anu nembe:
فِـيْهِ وُلِدْتُ وَفِيْهِ أُنْـزِلَ عَلَيَّ
“Dina poe eta kami dilahirkeun jeung dina eta poe diturunkeunna wahyu (al-Qur’an) ka kami”
Didieu oge tos jelas saestuna kangjeng Nabi SAW kacida merhatoskeun nana kana dinten dibabarkeun nana oge kana dinten-dinten anu aya hubungan sareng anjeunna.
Palawargi sadaya, cobi emutan ku urang, pami temah kangjeng Nabi SAW teu hoyong umatna uninga, mieling, ngagungkeun sareng ngamulyakeun kana dinten di babarkeun-na, tangtos dina waktos ditaros ku para Sohabat tentang saum dinten senen, anjeuna bakal ngawaler ku hadist ieu:
تُـعْرَضُ اْلاَعْمَالُ يَـوْمَ اْلاِثْـنَيْنِ وَالْخَمِيْسِ, فَأُحِـبُّ أَنْ يُـعْرَضُ عَمَلِىْ وَأَنَا صَائِـمٌ
diasongkeun / disetorkeun amal-amalan dina poe senen jeung kemis, maka kami resep lamun disetorkeun amal kami sedengkeun kami dina kaayaan keur puasa” (HR. at-Tirmidzi).
Ngan dina kanyataan nana, dina waktos ditaros tentang saum dinten senen, Rasululloh SAW ngawaler ku ieu waleran:
فِـيْهِ وُلِدْتُ وَفِيْهِ أُنْـزِلَ عَلَيَّ
Hadis anu diluhur ieu, diunggelkeun ku baginda Rasululloh SAW tangtu supaya umatna emut saestuna diantawis kamulyaan dinten senen teh nyaeta dibabarkeun na kangjeng Nabi SAW, kusabab kitu kacida anehna upami jalmi ngalak-sanakeun saum dina dinten senen tapi henteu diniatan ngamulyakeun baginda Rasululloh SAW, sabab Rosul SAW ku anjeun saum dinten senen teh diantawisna ngamulyakeun dinten di babar-keun nana.
Palawargi sadaya, jalmi anu nyarioskeun kangjeng Nabi SAW teu kantos miemut kana kalahiran nana, jelas eta jalmi teu ngaos sareng teu merhatoskeun eusi (Mafhum) hadist ieu, oge urang ngaraos heran upami temah aya anu carioskeun sajarah Maulid Nabi SAW dikawitan ti abad ka tilu atanapi abad ka genep saatos hijrah anu dipeloporan ku Sulthon Salahudin al-Ayubi di mesir (550-590 H) waktos perang salib, eta katerangan kacida kabeurangan nana, sabab dina buktosna mah kangjeng Nabi SAW ku anjeun dina waktos masih jumeneng keneh ungal minggu tiap dinten senen mieling kalahiran nana ku jalan ngalaksanakeun saum (upami bahasa sepuh kapungkur mah nyauman wedal panginten).
Oge peryogi ka uningan dina raraga ngamumule kalahiran nana nabi SAW dina eta dinten teh kangjeng Nabi SAW sanes ngan ukur ngalaksanakeun saum wungkul, tapi di wuwuh ku rupi-rupi amal soleh anu sanesna, sepertos Infaq, Sodaqoh, ngaos al-Qura’n, da’wah sareng anu sanesna. Ngan disebatkeun saum teh margi dina waktos harita para sohabat naroskeunna prihal saum senen.
Janten tiasa ku jalan naon wae kanggo ngamulyakeun dibabarkeun nana kangjeng Nabi SAW teh, tiasa ku saum, menyantuni fakir miskin, anak yatim, jeung sagala rupina, da gening di jaman rasululloh SAW masih jumeneng oge seueur pertingkahan para sohabat dina raraga ngahormat, ngagungkeun baginda SAW, dina hadist disebatkeun. Dina waktos Rasululloh SAW hijrah ka Madinah disambut ku Rebana sareng aosan lagu / Sya’ir anu eusina ngabageakeun kana kasumpingan nana Baginda Rasululloh SAW, bahkan para sohabat upami nuju ngariung teras sumping baginda Rasululloh SAW, maka sadayana sohabat taratih  kanggo nawiskeun panghurmatan ka kangjeng Nabi SAW.
Janten jelas, bahwa memperingati atawa mieling kana kalahiran Baginda Rasululloh SAW di contoan ku baginda Rasululloh SAW.
Kanggo langkung jelasna urang simak penjelasan oge fatwa para ulama salaf, tentang Maulid Nabi SAW.


Pendapat Para Ulama
Ngeuna’an
Peringatan Maulid Nabi SAW

Palawargi sadaya, sateuacan urang ngabahas masalah katerangan ti para Alim ulama Akhlu Sunnah Wal Jamaah tentang Peringatan Maulid Nabi SAW, simkuring ngemutan, bahwa upami aya masalah omat kedah naroskeun teh ka akhlina, masalah syari’ah tangtos kedah naros ka akhli agama (ka Ulama) ieu sapagodos sareng Firman Alloh SWT dina surat An-Nahl ayat 43 sareng surat al-Anbiya ayat: 7:
 “… maka taroskeun ku anjeun sadaya ka akhli elmu lamun anjeun henteu uninga” (QS. An-Nahl:43 / QS. Al-Anbiya:7)
Parentah suapaya urang bertanya ka akhli elmu, tegesna ka para ulama ternyata dina al-Qur’an disebat dua kali, ieu nunjukeun bahwa pendapat oge bimbingan para ulama kacida penting pisan diperhatoskeun sareng diestokeun, sabab para ‘Alim al-Ulama mangrupakeun pewaris Nabi SAW, Rasululloh SAW parantos cumarios:
اِنَّ اْلعُلَمَاءَ وَرَثَـةُ اْلاَنْبِيَاءِ, إِنَّ اْلاَنْبِيَاءَ لَمْ يُـوَرِّثُوْا دِيْـنَارَا وَلاَ دِرْهَـمًا, اِنَّمَا يُـوَرَّثُوا ْالعِلْمَ, فَمَنْ أَخَـذَ بِـهِ أَخَذَ بِحَظٍّ وَافِـرٍ (رواه الترمذى وابو داود واحمد)
saestuna para ulama nyaeta pawaris para Nabi, jeung saestuna para Nabi henteu ngawariskeun dinar atanapi dirham, anging pastina para nabi ngan ukur ngawariskeun elmu, sing saha jalmi anu nyandak kana warisan Nabi (elmu) maka eta jalmi tos nyandak kana bagean anu kalintang ageungna” (HR.at-Turmudzi, Abu Dawud sareng Imam Ahmad)
Kuayana kitu mangga urang simak kumaha cariosan para Ulama anu atos kamasyhur ka solehan sareng kajembaran kaelmuan nana, dina masalah mieling/memperingati dilahirkeun nana Baginda Rasululloh SAW


Fatwa
Imam Hasan al-Bashri

Imam Hasan Al-Bashri nyaeta tabi’in anu dilahirkeun di Madinah dua taun samemeh rengsena ka-kholifah-an Sy. Umar Bin Chothob Ra, bahkan Sy. Umar Bin Chothob Ra, kantos ngado’a kanggo al-Imam Hasan Bashri, kieu do’ana:
اَللَّهُـمَّ فَـقِّهْهُ فِى الدِّيْـنِ وَحَبِبْهُ اِلَى النَّاسِ
“ Ya Alloh, ieu jalmi -Hasan Al-Bashri- jantenkeun jalmi anu ngagaduhan pamahaman kana urusan agama jeung dipikacinta ku jalmi-jalmi (Masyarakat)”
Rama anjeunna nyaeta Zaid bin Tsabit al-Ansory Ra, sedengkeun ibuna nyaeta Khoyyiroh budak/amat Ummu Salamah ra. Kacerdasan sareng kasolehan Imam Hasan al-Bashri ra, diakui ku para sohabat sareng tabi’in, bahkan sohabat sakaliber Sy. Anas bin Malik Ra anu ngarencangan Baginda Rosululloh SAW salami langkung ti 10 taun, kantos nyarios kieu: “lamun aya masalah agama taroskeun ka Al-Hasan Bashri, sabab anjeun tangtu Inget sedengkeun kami geus poho”, sahingga lain kalangan tabi’in wungkul, malah kalangan sohabat oge upami aya masalah agama nararoskeunna teh ka Imam Hasan al-Bashri, sakumaha anjuran sohabat Anas Bin Malik.
Ayeun kumaha pendapat al-Imam al-Hasan al-Bashri patali sareng maulid Nabi SAW, ternyata dina hiji waktos anjeunna parantos cumarios:
وَدِدْتُ لَـوْ كَانَ لِى مِثْلَ جَبَلِ أُحُـدٍ ذَهَـبًا لَأَنْـفَقْتُهُ عَـلَى قِـرَاءَةِ مَـوْلِدِ الرَّسُوْلِ (إعـانة الطالبين الجزء الثالث ص ٣٦٤)
lamun temah kami miboga emas sagede gunung Uhud, maka pasti bakal kami Infaqkeun sadayana kanggo ngayakeun aosan Maulid Rasul” (Abu Bakr Bin Muhammad Syatha ad-Dimyati, I’anatut thalibin Juz III, hal:364 cetakan karya Toha Putra Semarang,tt)
Cariosan Imam Hasan al-Bashri ieu ngabuktoskeun bahwa dikalangan para sohabat sareng tabi’in tos aya sareng sering dilakukeun aosan sajarah Nabi SAW ti ngawitan dibabarkeun dugi ka pupusna, para sohabat sareng para tabi’in kacida merhatoskeun nana kana acara pembacaan Maulid Nabi SAW, sahingga Imam Hasan al-Bashri dugi ka nyarios sepertos kitu, harta bendana anu aya mah sadayana oge siap didermakeun (di- infaq-keun) demi terlaksanana pembacaan Maulid Nabi SAW nah, kumaha ari urang? Naha atos pernah ngainfaqkeun sabagian harta urang demi acara Maulid Nabi SAW atanapi teu acan?
Fatwa
Syaikh Ma’ruf al-Karkhi

Syaikh Ma’ruf al-Karkhi (ngantunkeun dina taun 200 H), nyaeta Sufi anu kamasyhur kasolehan sareng kabersihan hatena, katut kaluhungan elmu pangaweruhna, aya hiji hikayat anu nunjukeun kajembaran Syaikh Ma’ruf al-Karkhi, hikayatna kieu.
Dina hiji poe, dina kayaan nuju saum sunah Syaikh Ma’ruf al-Karkhi ngalangkung kapayuneun hiji jalmi anu nuju ngabagi-bagikeun cai leueuteun gratis, bari gogorowokan eta jalmi nyarios kieu:
“ mudah-mudahan Alloh SWT masihan Rohmat ka jalmi anu kersa nampi sareng ngaleueut kana ieu cai”
Nguping cariosan sepertos kitu maka Syaikh Ma’ruf al-Karkhi liren teras ngaleueut eta cai anu disayagikeun ku eta jalmi.
Saatos ngaleueut eta cai aya hiji pameget anu naros kieu:“Punten pangeresa, Pan pangeresa teh nuju saum, naha make ngaleueut?”
Syaikh Ma’ruf al-Karkhi ngawaler “Muhun, tapi abdi ngaharep kengeng rohmat Alloh SWT sakumaha do’a eta jalmi”.
Cobi perhatoskeun kaluhungan elmu anjeuna, anjeuna saum karena hoyong rohmat Alloh SWT, pas nguping aya hiji jalmi anu ngajanjikeun rohmat Alloh SWT ku saregot cai, maka anjeun ngaleueut kana eta cai, anjeuna percanten bahwa doa eta jalmi tangtu di ijabah ku Alloh SWT. Ieu mangrupakeun hikayat kumaha kajembaran sareng kasucian manah anjeunna anu Husnudzon ka papada jami muslim.
Syaikh Ma’ruf al-Karkhi kacida merhatos-keunna kana Majlis Maulid Nabi SAW, dina salah sawios piwurukna anjeunna cumarios:
مَنْ هَـيَّأَ ِلأَجْلِ قِرَاءَةِ مَـوْلِدِ الرَّسُولِ طَعَامًا, وَجَمَعَ اِخْـوَانًا, وَاَوْقَدَ سِـرَاجًا, وَلَبِسَ جَدِيْدًا, وَتَـعَطَّرَ وَتَجَمَّلَ, تَـعْظِيْمًا لِمَوْلِدِهِ, حَـشَرَهُ اللهُ يَـوْمَ اْلقِيَامَةِ مَعَ اْلفِرْقَةِ اْلأُوْلَى مِـنَ النَّـبِيِّيْنَ, وَكَانَ فِىْ اَعْلَى عِلِّيِّيْنَ. (إعـانة الطالبين الجزء الثالث ص ٣٦٤)
 “sing saha jalmi anu nyayagikeun katuangan, ngumpulkeun wargi-wargi (Masyarakat) , ngahurung-keun lampu, nganggo anggoan anu sae, nganggo lisah seungit sareng dangdan karna bade ngaos Maulid Nabi SAW diniatan karna ngagungkeun Maulid Nabi SAW, maka engke dina poe kiamat Alloh SWT bakal ngempelkeun eta jalmi sasarengan sareng golongan para Nabi, bari aya dina barisan anu pangpayuna, jeung bakal ditempatkeun di Iliyyin anu pangluhurna”
(I’anatutholibin, Karya Toha putra Semarang, Juz III, hal, 364)
Palawargi, piwuruk ieu didugikeun ku Syaikh Ma’ruf al-Karkhi 1231 taun anu tos kalangkung, matak asa rada aneh pisan upami disebatkeun Maulid Nabi SAW teu aya tidituna atanapi henteu aya conto anu dilakukeun ku Ulama Salaf, gening eta buktosna Syaikh Ma’ruf al-Karkhi tos ngawurukeun sepertos kitu tikapungkur keneh 1231 taun katukang, mungkin bentuk peringatan nana aya perbeda’an, tapi tujuan mah sami dina raraga ngagungkeun sareng ngamulyakeun kana dibabarkeun na kangjeng Nabi SAW (ta’diman wa takriman li mauludir rosuli)
Fatwa
Syeikh Sirri As-Saqothi
Syeikh Sirri As-Saqothi nyaeta paman sakaligus guru Imam Junaid al-Baghdady, disamping eta anjeunna mangrupakeun murid Syaikh Ma’ruf al-Karkhi rha, kasolehan sareng satuhuan nana dina ibadah tos teu sangsrikeun (diragukeun) deui.
Imam Junaid rha, kantos cumarios :”kuring teu pernah ningal jalmi anu langkung kiat ibadahna ngaleuwihan Sirri as-Saqothi”.
Sakumaha guru na (Syaikh Ma’ruf al-Karkhi) Syaikh Sirri as-Saqothi oge sami kacida merhatos-keun nana kana Maulid Nabi SAW, anjeun cumarios:
مَـنْ قَـصَدَ مَـوْضِعًا يُـقْرَأُ فِـيْهِ مَوْلِدُ النَّبِيِّ فَـقَدْ قَصَدَ رَوْضَةً مِنْ رِيَاضِ الْجَنَّةِ ِلأَنَّهُ مَا قَـصَدَ ذَلِكَ الْمَوْضِعَ إِلاَّ لِمَحَـبَّةِ الرَّسُـوْلِ. وَقَـدْ قَالَ عَلَيْهِ السَّلاَمُ: "مَـنْ اَحَـبَّنِيْ كَانَ مَعِيْ فِى الْجَنَّةِ".
“sing saha jalma anu ngamaksud (ngdongkapan) ka hiji tempat, anu mana ditempat eta diaoskeun Maulid Nabi SAW, maka yakin eta jalmi tos ngadongkapan salah sawios taman ti antawis taman-taman Surga. Sabab tujuan nana ngadongkapan eta tempat teu aya deui iwal ti kusabab karana cinta (mahabbah)ka Baginda Rasululloh SAW, sedengkeun Rsululloh SAW parantos ngandika:
مَـنْ اَحَـبَّنِيْ كَانَ مَعِيْ فِى الْجَنَّةِ
“sing saha jalma anu mikacinta kami kami, maka manehan nana bakal babarengan jeung kami di jero surga” (I’anatuth thalibin: karya Toha putra, semerang,tt. Juz III, hal:365)
Fatwa
Syaikh al-Junaid al-Bagdadi

Syaikh al-Junaid al-Bagdadi, dikenal jalmi sebagai pimpinan para sufi, ti alit keneh tos ka tingal tanda-tanda kasolehan nana, anjeun tekun diajar sareng ibadah, hingga dina yuswa 20 taun tos kapercanten janten Mufti (akhli Fatwa).
Sakumaha luluhurna, Syaikh al-Junaid al-Bagdadi kacida ngamumule tur ngamulyakeunna kana Maulid Nabi SAW, bahkan anjeuna cumarios:
مَـنْ حَضَرَ مَـوْلِدَ الرَّسُـوْلِ وَعَـظَّمَ قَـدْرَهُ فَـقَدْ فَـازَ بِاْلاِيْمَانِ
“sing saha jalmi anu ngahadiran kana Maulid Nabi SAW, sareng ngagungkeun kalungguhan nana kangjeng Nabi SAW, maka temen bagja eta jalmi ku kaimanan nana” (Syaikh Abu Bakr Bin Muhammad Syathq ad-Dimyati, I’anatuth thalibin: karya Toha putra, semerang,tt. Juz III, hal:365)

 Fatwa
al-Hafidz Jalalludin 
Abdurrohman Bin Abu Bakar As-Suyuthi

Imam Suyuthi mangrupikeun salah sawios ulama besar anu jumhur anu luhung ku pangaweruh jembar ku panga-bisa, kaluhuran elmuna tiasa dibukti-keun ku karya ilmiyahna anu tos di damel ku anjeuna, teu kirang ti 400 judul kitab anu didamelna, dina cabang elmu anu beda-beda.
Dina kempelan Fatwana, anjeuna parantos ngadamel hiji bab anu khusus ngajelaskeun kautamaan memperingati Maulid Nabi SAW, diantawisna, dina waktos aya anu nyuhunkeun fatwa tentang masalah Maulid Nabi SAW, anjeunna cumarios kieu:
عِـنْدِيْ أَنَّ اَصَْل عَمَلِ الْمَوْلِدِ الَّذِىْ هُوَ اِجْتِمَاعُ النَّاسِ وَقِرَاءَةِ مَاتَيْسَرَ مِنَ اْلقُرْآنِ وَرِوَايَةِ اْلاَخْبَارِ اْلوَارِدَةِ فِىْ مَبْدَإِ أَمْرِ النَّبِيِّ وَمَا وَقَعَ فِىْ مَوْلِدِهِ مِنَ اْلأَيَاتِ ثُمَّ يُمَدُّ لَهُمْ سِمَاطٌ يَأْكُلُونَهُ وَيَنْصَرِفُوْنَ مِنْ غَيْرِ زِيَادَةٍ عَلىَ ذَلِكَ, هُوَ مِنَ اْلِبدَعِ الْحَسَنَةِ الَّتِىْ يُـثَابُ عَـلَيْهَا صَاحِبُهَا لِمَا فِيْهِ مِـنْ تَعْظِمِ قَدْرِ النَّبِيِّ وَإِظْهَارِ الْفَـرْحِ وَاْلاِسْتِبْشَارِ بِمَوْلِدِهِ الشَّـرِيْفِ
“ceuk pamadegan kami (Syaikh As-Suyuthi) saestuna pokok/inti tina amalan maulid Nabi SAW nyaeta ngariungna Jalmi-jalmi (masyarakat), aosan sabagian ayat-ayat al-Qur’an anu gampang, aosan riwayat awal perjuangan Nabi SAW sareng sagala rupi peristiwa atawa kajadian anu terjadi dina di babarkeunna kangjeng Nabi SAW, nyayagikeun katuangeun kanggo anu hadir sareng taruang teras aruih tanpa ngalakonan perbuatan anu sanesna. Kagiatan sepertos kieu dina hemat kami mangrupakeun bid’ah anu sae (bid’ah Hasanah) anu ngalakonan nana bakal kengeng ganjaran, sabab dijero eta kagiatan (peringatan) aya tujuan anu mulya nyaeta ngamulyakeun/ngagungkeun kana kapang-katan kanabiam kangjeng Nabi SAW, sareng ngawujudkeun/nembrakkeun rasa kabungah jeung rasa bahagian kana dibabarkeun na kangjeng Nabi SAW” (Syaikh Abu Bakr Bin Muhammad Syathq ad-Dimyati, I’anatuth thalibin: Juz III, hal:363 karya Toha putra,semerang,tt.)
Dina kasempetan anu sanes anjeunna nyarios:
وَمَا مِـْن مُسْلِمٍ قُـِرئَ فِىْ بَيْتِهِ مَـْولِدُ النَّبِىِّ إِلاَّ رَفَـعَ اللهُ تَعَالَى اْلقَـحْطَ وَاْلوَبَاءَ وَالْحَـرْقَ, وَاْلآفَاتَ وَاْلبَلِيَّاتَ وَالنَّـكَبَاتِ وَالْبَغْضَ وَالْحَـسَدَ وَعَـيْنَ السُّوْءِ وَاللُّصُوْصَ عَنْ اَهْـلِ ذَلِكَ الْبَيْتِ, فَإِذَا مَاتَ هَـوَّنَ اللهُ تَعَالَى عَلـَيْهِ جَـَوابَ مُنْكَرَ وَنَكِيْرَ الخ
“jeung henteu ti hiji imah jalma muslim anu diaoskeun Maulid kangjeng Nabi SAW anging Alloh SWT bakal ngaleungitkeun kalaparan, wabah panyakit, kahuruan, rupa-rupa bencana jeung cocoba, kaamek, hasud, paningali anu awon jeung kapalingan ti pangeusi eta imah. Jeung lamun manehna ngantunkeun (maot), maka Alloh SWT bakal mere karinganan keur ngawaler pertarosan malaikan Munkar wa Nakir…” (Syaikh Abu Bakr Bin Muhammad Syathq ad-Dimyati, I’anatuth thalibin: karya Toha putra, semerang,tt. Juz III, hal:365)
Cobi ku palawargi perhatoskeun, rupi-rupi fatwa Ulama anu luhung kupangaweruh jembar ku pangabisa, anu kaelmuan sareng kasolehan nana teu aya bandingna di jamanna (komo upami dibandingkeun jeung jaman ayeuna), Aranjeun anu marulya sadayana sapuk sareng ngadukung kana pembacaan sejarah Maulid Nabi SAW anu mangrupakeun salah sawios bentuk peringatan / pangeling-ngeling Maulid Nabi SAW. Ieu ngan ukur sababaraha ulama anu di catut pendapatna, saleresna seueur pisan fatwa ulama jumhur baik ti kalangan Tabi’in atanapi Itba’uttabi’in anu nganjur-keun (tut ngaluluguan/nyontoan)ka umat Islam  supaya teras mieling/memperingati kana di babarkeun nana baginda Rasululloh SAW. Harepan supaya umat karaksa akidahna, da wawuh tur wanoh ka baginda anu nyandakna. Kajaga akhlakna dan puguh tuturkeunen nana, puguh Idola na da anjeuna anu pantes di idolakeun sareng diturut laku lampahna. Ngan panginten ari kanggo urang mah ku pendapat (Fatwa) sakitu oge tos kalintang cekapna, bahkan sanajan ti saurang Ulama oge, urang mah tangtos bakal nampi asal jelas kaelmuan sareng ka-apik-an (ka-Waro’-an) nana dina matwakeun hukum sareng tata kahirupan umat dumasar kana bimbingan al-Qur’an sareng al-Hadist, ieu hujah ti para Ulama Salaf cekap kangge urang janten ceuceupengan/pegangan dina masalah Peringatan Maulid Nabi SAW. Insya Alloh.
والله أعلم