Selasa, 14 Juni 2011

Masalah Adzan Jum'at Dua Kali dan Masalah Qobla Jum'at


MASALAH ADZAN JUMA’AH DUA KALI
SARENG
MASALAH QABLIYAH JUMAT
Ditulis/dikempelkeun ku: Asep Saeful Kholik, S.Hi (Aang)*
Di Taskhih ku
                          KH. Khutib Tabroni Sareng K.A. Ridwan Jamaksyari          

A.   Masalah Adzan Jum’at Dua Kali
Dina kitab I’anatuttlhalibin Jilid I Halaman 232 (Cetakan Karya Toha Putra Semarang,tt) di tulis:  
ويسن أذانان للجمعة احدهما بعد صعود الخطيب المنبر والآخر الذى قبله
Hartosna: “jeung sunat adzan dua kali kanggo shalat juma’ah, salah sahijina dilakukeun sa atos khotib naek ka mimbar, anu lainna dilakukeun samemeh khotib naek mimbar”
Dina kitab sohih bukhori ditulis:

 
وفى البخارى كان الاذان للجمعة على عهد رسول الله صلى الله عليه وسلم ولأبى بكر وعمر حين يجلس الامام على المنبر, فلما كثر الناس فى عهد عثمان رضى الله عنه امرهم بأذان آخر على الزوراء.
Hartosna: sareng dina kitab bukhori –dijelaskeun- adzan dina sholat juma’ah di jaman Rasululloh SAW, sareng dijaman Sayidina Abu Bakar Rda, nyakitu di Jaman Sayidina Umar Rda, dilakukeun dina waktu imam tos naek/calik di mimbar, ngan samangsa tos seueurna jalmi di jaman Sayidina Usman bin Affan, Rda, sayidina Usman marentah ka jalmi-jalmi supados ngalakukeun adzan anu sejena / nambihan sakali deui adzan (samemeh khotib naek ka mimbar) di luhureun Jaura’

Sajarah Adzan Jumat dua kali.
Khalifah anu katilu Sayidina Usman Bin Affan (ngajabat khalifah ti tahun 23 H dugi ka tahun 35 H) nambihan adzan deui di luhureun Jaura’ margi Sayidina Usman Bin Affan ninggal jalmi anu bade juma’ahan kalintang seueurna, sareng tempat damelna patarebih sahingga dina Ijtihad-na, saur Sayidina Usman bin Affan meryogikeun tambihan adzan anu maksadna mangrupikeun peringatan/ngawartosan ka jamaah supaya siap-siap ngajug-jug juma’ahan, sakumaha di Tulis dina kitab Shoheh Bukhori Juz I, Halaman 117 atanapi dina kitab Matan al-Bukhori juz I Halaman 162:
عن السائب بن يزيد قال كان النداء يوم الجمعة اوله اذا جلس الامام على المنبر على عهد النبي صلى الله عليه وسلم وابى بكر وعمر رضى الله عنهما فلما كان عثمان رضى الله عنه وكثر الناس زاد النداء الثالث على الزوراء.
3
 
Hartosna:“ti Saib bin Yazid anjeuna nyarios: adzan dina juma’ahan kawitan nana dilakukeun dina waktos imam parantos naek mimbar,ieu  di jaman Rasulullah SAW, nyakitu di jaman Sayidina Abu Bakr Sidiq, Rda, di jaman Sayidina Umar Rda, ngan dina mangsa Sayidina Usman Bin Affan Rda, sareng parantos seueurna jalmi, anjenna  nambihan “adzan anu katilu” diluhureun Zaura.” (pangna disebat adzan anu katilu sabab Qomat disebat adzan anu kadua, tegesna: tartib Adzan Juma’ahan dijaman Sayidina Usman, Rda, adzan anu kahiji samemeh khotib naek ka mimbar, teras jama’ah (jalmi-jalmi) ngalakukeun sholat Qobliyah jum’ah, dua roka’at anu mu’akad, dua roka’at Goer mu’akad, teras khotib naek ka mimbar, tos khotib di mimbar nembe dilakukeun adzan kadua, tos beres khutbah, teras Qomat. Anu sakumaha lazim dilakonan ku urang sadaya). ( Shoheh Bukhori Juz I: 117 / Matan al-Bukhori juz I Halaman 162)
Padamelan Sayidina Usman ieu teu tiasa disebat Bid’ah anu dzolalah, margi diwidian ku Baginda Rasululloh SAW, kanggo anut ka para Sohabat, khususna para sohabat anu kalebet golongan Khulafa al-Rosyidin, dawuhan kangjeng nabi:
قال النبى صلى الله عليه وسلم: اصحابي كالنجوم بأيهم اقتديتم إهتديتم
Parantos ngadawuh kangjeng Nabi SAW: Sahabat kami laksana Bentang gumintang, kamana –kasaha- wae anjeun anut, pasti anjeun nampa pituduh (pasti bener)”
Dina kitab Sunan Abu Dawud Juz IV Halaman 201 di tulis:
فعليكم بسنتى وسنة الخلفآء الراشدين المهديين من بعدي. )رواه ابو داود والترمذى, الجزء الرابع ص ٢٠١(
Hartosna: “ maka wajib ka aranjeun kabeh nurut kana Sunnah kami sareng Sunnah Khulafa al-Rosyidin (Sy. Abu Bakr, Sy, Umar, Sy, Usman sareng Sy. Ali, Karomallohu wajhah wa Rodiallohu Anhum) sa atos mangsa kami” (HR. Abu Dawud wa Thurmudzi- tingal kitab Sunan Abu Dawud Juz IV Halaman 201)
Bahkan padamelan Sayidina Usman ieu kalebet bid’ah sunnah atanapi bid’ah hasanah. Dina kitab Majalis al-Saniyah Halaman 87 ditulis:
“Jeung Bid’ah teh narima kabagi kana pirang-pirang hukum anu lima: wajib, contona belajar ilmu Nahwu jeung Shorof , Haram, contona ngadamel madzhab /aliran bid’ah anu sulaya sareng Sunnah, Sunnah conto padamelah sohabat anu tos Ijma (sepertos adzan dua kali), makruh conto mapaesan masjid ku tulisan-tulisan endah, mubah conto ngadamel katuangan anu enak-enak jeng lainna”
Imam Qashthalani dina kitab Mawahibu Al-Laduniyah, Juz II hal:249, Zarqani, Juz II hal 328, matwakeun; bahwa saestuna padamelan Sayidina Usman Bin Affan janten Ijma Syukuti, margi teu aya hiji jalmi pun tikalangan Ulama Shohabat anu nolak atanapi ngabantah kana padamelanna Sayidina Usman Bin Affan.
Oge masih masalah adzan dua kali tiasa di tingal deui dina kitab I’anatuttlhalibin Jilid I Halaman 232 (tinggal oge dina matanna masih halaman anu sami).
واذانان للجمعة احدهما بعد صعود الخطيب المنبر والآخر الذى قبله انما أحدثه عثمان رضى الله عنه لما كثر الناس فاستحبابه عند الحاجة كأن توقف حضورهم عليه.
Hartosna: “sareng disunatkeun dua kali adzan dina juma’ahan anu anu salah sahijina dilakukeun sa atos khotib naek ka mimbar, ane sejenna dilakukeun samemeh khotib naek ka mimbar, eta teh mangrupikeun padamelan Usman Bin Affan samangsa seueurna jama’ah, maka hukumna Sunat lamun aya hajat, sepertos nunggu hadirna akhli jum’ah kana adzan Jum’ah”

Penjelasan nana: Sunat adzan dua kali dina jumat lamun aya hajat, didieu di contoan hajatna teh: كأن توقف حضورهم عليه   sepertos nunggu hadirna jalmi kana juma’ahan/adzan jum’ah, tegesna biasana lamun teu acan ka rungu adzan mah ja’maah tara waka hadir kana Juma’ah” eta disebatna :
تمثيل للحاجة “conto dina hajat”. Kumaha ceunah, pan saur tadi oge jalmi tos pada kumpul, teu kedah nungguan deui, berarti tos teu aya hajat.! maka jawaban nana aya keneh hajatna anu sanesna nyaeta nunggu/masihan kasempetan kanggo jalmi ngalakonan shalat sunat Qabliyah juma’ah. Tah berarti hajatna teh ayeunana mah sanes ngan ukur ngantosan hadirna jama’ah tapi di tambih ku masihan kasempetan ka jama’ah kanggo ngalaksanakeun shalat sunat Qabla jum’ah.

B. Masalah Qabliyah Juma’ah

 
Dina bahasan anu dipengker parantos dijelaskeun saestuna salah sawios Illat adzan juma’ah dua kali teh margi masihan kasempetan ka jama’ah kanggo ngalakanonan sholat sunat Qobla Jum’at. Ngan peryogi di bahas kadudukan shalat Qabliyah jum’at, supados langkung kahartos, da aya anu nyebat bahwa dina juma’ahan mah teu aya qobla, da hadis Sulaik al-Qathafani mah pajarkeun eta hadis shalat sunat Takhiyyatul masjid. Waleran nana mangga aos/titenan tulisan  anu di handap ieu.
- Aya salah sawios hadits anu diriwayatkeun ku shahabat Jabir bin Abdillah dina kitab Sunan Ibnu Majah Jilid I, Halaman: 344, anu unggelna.
عن جابر بن عبد الله قال دخل سليك الغطفاني المسجد والنبى صلى الله عليه وسلم يخطب, فقال أصليت؟ قال لا, قال فصل ركعتين.
Hartosna: “ti Jabir bin Abdullah, parantos nyarios: lebet -salah sawios sohabat- anu namina Sulaik al-Ghatafani ka masjid, sedengkeun waktos harita kangjeng Nabi SAW nuju khutbah, maka nyarios kangjeng nabi, Naha anjen tos sholat? Ngawaler Sahabat Sulaik, teu acan! Maka nabi SAW nimbalan, solat anjen dua raka’at!”. (H.R. Ibnu Majah, Sunan Ibnu Majah Jilid I halaman 344)
-
8
 
“Ti sahabat Ibnu Abbas, anjena nyarios; kangjeng nabi SAW salat sunat 4 raka’at samemeh juma’ah bari teu diwates tiap-tiap raka’atna (ku salam).”  (H.R. Ibnu Majah)
- 
9
 
Ti Abi Hurairah sareng Abu Sofyan ti Jabir r.a. dua nana parantos nyarios, datang sulaik al-Ghatafani, rasulullah SAW waktos harita nuju khutbah, maka Nabi nyarios: naha anjen tos sholat dua rokaat samemeh datang kadieu? Waleran nana, teu acan. Maka Rasulullah SAW cumarios: Sholat anjen dua roka’at sareng ringankeun wae (teukengeng ngaosna ayat-ayat/surat anu paranjang-panjang). Upami aya anu nyarioskeun bahwa hadits anu ngenaan Sahabat Sulaik al-Gathafani Rda. ieu mangrupakeun hadis shalat sunat Takhiyyatul Masjid, ieu kaliru pisan, sabab pasti anu ditaroskeun ku nabi dina waktos harita shalat Qobla jum’at, sabab shalat takhiyyatul masjid tangtos moal dilakonan salianti di lebet masjid. Kangjeng Nabi Naros ku cariosan: “Naha anjen tos shalat sunat (di imah atawa dijalan) samemeh kadieu (lebet ka masjid).? Sahabat Sulaik ngawaler: teu acan, maka nabi miwarang supados Sulaik al-Gathafani ngalakukeun shalat sunat dua roka’at. Jelas dina hadis ieu nabi SAW nganjurkeun shalat Qobliyah sateuacan calik ngupingkeun khutbahna khotib.
-  Diriwayatkeun ku shahabat Nabi Abdullah bin Mas’ud Rda, anu unggelna
وروي عن عبد الله ابن مسعود انه كان يصلى قبل الجمعة اربعا -وبعدها- اربعا.
Hartosna: “diriwayatkeun ti Abdullah bin Mas’ud saestuna anjeuna shalat sunat samemeh juma’ah opat roka’at jeung sa atosna opat roka’at”. (Soheh Thurmudzi Jilid II, halaman 312)
Abbdullah bin Mas’ud Rda, mangrupikeun sahabat anu utami sareng anu disepuhkeun, oge dipercaya ku nabi SAW nyepeng amanah sareng salamina sasarengan wae sareng kangjeng Nabi SAW. Dicarioskeun oge, bahwa Sofyan Atsauri sareng Ibnu al-Mubarok, ngalakonan anu sakumaha dipidamel ku shahabat  Abdullah bin Mas’ud Rda. (Soheh Thurmudzi Jilid II, halaman 312)
-  Hadis Riwayat Bukhori Muslim, ti Abdullah bin Mughofal anjena nyarios:
v   عن عبد الله بن مغفل قال, قال رسول الله صلى الله عليه وسلم: بين كل اذانين صلاة
Hartosna: “ti Abdullah bin Mughofal anjena nyarios; rasululloh SAW parantos nyarios, antara dua adzan aya shalat (sunat)” (HR. Bukhori Muslim).
v   عن ابن عمر قال صليت مع النبي صلى الله عليه وسلم ركعتين قبل الظهر وركعتين بعدها
“ti Ibnu Umar Rda, anjena nyarios, kami sholat sareng Rasululloh SAW dua roka’at samemeh dzuhur dua roka’at saba’dana (Soheh Thurmudzi II : 219)
Hadist-hadist anu nyarioskeun bahwa kangjeng nabi netepan Qobla Dzuhur sareng Ba’da dzuhur tos seueur dipendakan ku urang sadayana dina kitab-kitab hadis anu kasohor (kutubussitah). Shalat kangjeng nabi aya anu dua roka’at jeung aya anu opat roka’at, sholat ba’da dzuhur sareng ba’da jum’at aya anu dilakukeun di bumi anjeuna.
Upami kangjeng nabi netepan Qobla Dzuhur maka eta berarti kangjeng nabi oge nganjurkeun supaya shalat Qobla Jum’at, sakumaha cariosan Imam Nawawi dina Majmu :
11
 
والقياس على الظهر
Hartosna:“(masalah Juma’ahan) diqiyaskeun wae kana shalat Dzuhur”
Tegesna:الجمعة كالظهر  ari Juma’ah teh eta sepertos Dzuhur
Kusabab kitu shalat sunat Qobliyah Jum’ah miboga dalil-dalil anu kuat dina netepkeun kasunatan nana.
والله اعلم
Maroji(Daftar Pustaka)                                                              
1.    Soheh al-Bukhori” Abi Abdullah Muhammad bin Ismail al-Bukhori,
2.    Matan al-Bukhori Bi Khasiyati al-Syanad. Dar al-Ihya
3.    Soheh Muslim
4.    Nailul Autar, Imam As-Saukani
5.    Sunan Abi Dawud
6.    Sunan Thirmidzi
7.    al-Muwatho, Imam Malik
8.    I’anat attholibin, Sayid Muhammad Syatho, Toha Putra Semarang
9.    Kifayatul ahyar, Muhammad Taqiyudin
10. Majalis as-Saniyah
11. Nihayatuzain
12. al-Majmu Syarah Muhadzab
13. Jauhar Tauhid, Syaikh Ibrohim al-Bajuri
14. al-Bajuri ala Ibni Qosi, Syaikh Ibrohim al-Bajuri
15. Jam’ul Jawami’ , al-Imam Tajuddin Abdul Wahab Ibn As-Subki

·         Penulis nyaeta Pengurus YASPINDA dan Kepala Sekolah SMP Plus Nurul Huda Yaspinda, Cisompet-Garut.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar