Minggu, 12 Juni 2011

Hikmah Isra Mi'raj


MUTIARA HIKMAH ISRO’ MI’RAJ
BAGINDA RASULULLOH SAW
*Ku: Asep Saeful Kholik, SHI

بسم الله الرحمن الرحيم
اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِى اَسْرَى وَاَعْرَجَ عِبَادَهُ مِنَ الدَّرَجَةِ الدَّنِيْئَةِ اِلَى الدَّرَجَةِ الْعَلِيَّةِ, وَمِنَ الْجَهْلِ اِلَى الرُّشْدِ وَمِنَ الظُّلُمَاتِ اِلَى النُّوْرِ بِهِدَايَتِهِ وَعِنَايَتِهِ الْقَيُّوْمِيَّةِ  اَشْهَدُ اَنْ لآ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَـيِّدَنَا مُحَمَّدً عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللَّهُـمَّ صَـلِّ وَسَـلِّمْ عَلَى خَيْرِ خَلْقِ اللهِ مُحَمَّدِ بْنِ عَبْدِ اللهِ عَـدَدَ مَا فِى عِلْمِ اللهِ, صَـلاَةً وَسَـلاَمًا دَائِمَيْنِ بِـدَوَامِ مُلْكِ الله, وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَالاَه  ﴿اما بعد﴾

Sadaya jinis puji milik Alloh SWT, Rahmat salam disanggakeun ka Jungjunan Alam Nabiyulloh Muhammad SAW, ka para sahabatna, pangikut-pangikutna tur mudah-mudahan dugi ka urang anu janten umat akhir jaman. Amin. Am’ma ba’du.
Kajantenan Isro mi’raj teh nyaeta dina waktos kangjeng Nabi SAW mayunan perjuangan anu kacida rongkahna, umat islam kengeng panganiaya anu kacida abotna ti musuh-musuh Islam anu dina waktos harita nyaeta Urang Kafir Quraisy, umat Islam dina waktos harita di Isolasi/di boikot, teu dipasihan akses kanggo campur gaul jeung jalma-jalma, sahingga otomatis umat islam jaman harita ngarasakeun kaweritan anu kacida. Katurug-turug sajabaning kaweritan anu karandapan ku umat Islam, pribadi nabi SAW nyalira dina taun harita dikantunkeun maot ku Istrina nyaeta St. Khodijah Rdh sareng ku pamanna nyaeta Abu Tholib, sedengkeun eta dua jalmi mangrupikeun pangdeudeul/pangrojong oge tameng perjoangan kangjeng Nabi SAW, sahingga pribadi nabi SAW anu kasipatan ku sifat manusa biasa (a’rodul basyariah) ngaraos sedih sareng kaleungitan ku Bojo anu dipikacintana. pantes pisan dina taun eta dijulukan taun Hazan (kaprihatinan atawa taun anu pinuh ku kabingung).
Kuayana ujian nu terus-terusan dirandapan ku baginda Nabiyulloh SAW oge ku umat-umatna, maka akhirna Gusti Alloh SWT  anu Rohman Rohim, ngalungsurkeun pitulung ka hambana anu teu aya wates wangenna deui, nyaeta teu lami ti waktos harita kangjeng Nabi SAW di hibur, dijemput ka malaikat Jibril, Mikail sareng Isrofil bari nyandak hiji hayawan tutunggangan baginda anu mulya nyeta anu disebat BUROK tea, eta peristiwa disebatkeun Isro sareng dimi’raj,
Saur katerangan, kangjeng Nabi SAW dina Isro Mi’raj na teh nyorang opat Alam:
*       hiji: Alam Nasut (alam ka Manusa-an) nyaeta di Irso-Keun nana kangjeng Nabi ti Masjid al-Harom nu aya di Mekah dugi ka Masjid  al-Aqso anu aya di Syam (Palestina), sakumaha diabadikeun dina al-Qur’an Surat al-Isro ayat: 1,
“Maha Suci Allah, yang Telah memperjalankan hamba-Nya pada suatu malam dari Al Masjidil Haram ke Al Masjidil Aqsha yang Telah kami berkahi sekelilingnya agar kami perlihatkan kepadanya sebagian dari tanda-tanda (kebesaran) kami. Sesungguhnya dia adalah Maha mendengar lagi Maha Mengetahui.”
*       Dua: Alam Malakut (Alam Karajaan Alloh/alam tempat bulak-balikna Malaikat Jibril Nurunkeun Wahyu ka para rosul), nyaeta antara dunya dugi ka Baitul Izza (langit Dunya).
*       Tilu: Alam Jabaarut (Alam ka kawasaan Alloh SWT) dina ieu Alam kangjeng nabi SAW di tingalkeun kana kakawasaan Alloh, sepertos kangjeng Nabi SAW di tingalkeun kana surga, naraka jeung Arsy.
*       Opat: Alam Goyabat (alam ka-gaiban) nyaeta hiji alam anu teu acan kantos disorang atawa diuninga samemeh kangjeng Nabi SAW bahkan para malaikat teu kantos nyorang ka eta Alam, di ieu Alam kangjeng Nabi SAW ber-muwajahah sareng Gusti Alloh SWT, lokasina aya di Sidratul Muntaha.

Di sajajalan mantena kenging mangpirang-pirang elmu sareng pangalaman anu teu kinten pentingna kanggo modal perjoangan mantenna, nambih sumanget anu luar biasa ibarat baja kengeng neupa, henteu eundeuk kalinduan teu geudag ka anginan, henteu gimir bulu salambar dina mayunan musuh-musuh anu sakitu rongkahna.
Akhirna perjoangan kangjeng Nabi SAW kengeng kasuksesan anu luar biasa, sahingga dina waktos haji wada alloh SWT ngalungsurkeun wahyuna anu netelakeun bahwa Islam tos sampurna ditepikeun ka manusa sakumna, perjuangan kangjeng Nabi SAW tos dugi kana hasilna, kapeutik hasilna ka ala buahna. Sakumaha Firman-Na:
“pada hari Ini Telah Kusempurnakan untuk kamu agamamu, dan Telah Ku-cukupkan kepadamu nikmat-Ku, dan Telah Ku-ridhai Islam itu jadi agama bagimu.” (Al-Maidah: 3)
Ari hartosna Isro’ nyaeta lumaku waktu  peuting, ari hartosna Mi’raj nyaeta Munggah/naek. Dina hakekatna anu di Isro’keun sareng dimi’rajkeun teh nyaeta pribadi Nabi SAW, tapi sacara majazi ieu mangrupakeun piwuruk ti Gusti Alloh SWT, saestuna urang sabagai umat kangjeng Nabi SAW kedah tiasa Isro’ sareng mi’raj sakumaha kangjeng Nabi SAW, tapi Isro’ Mi’raj urang mah tangtos sanes ngan ukur ngambah legana dunya atawa nyorang luhurna langit. sabab dina Isro’ anu disebat lumaku tipeuting tangtos ieu ngajarkeun ka urang sadaya supados tiasa ngahirup-hirup waktu peuting ku rupa-rupa bentuk ibadah ka Gusti Alloh SWT, oge dina Mi’raj urang oge sing tiasa nerekel naek tina harkat darajat anu handap kana harkat darajat anu luhur mungguh pandangan Alloh SWT (maksiat jadi ta’at, goreng jadi hade, peudit jadi barahan, ngedul jadi getol, bodo jadi pinter, jalma biasa jadi jalma anu luar biasa, jsb),
Diantawis taraje/tangga supaya urang tiasa ngaronjatkeun darajat jeung harkat dihadapan Alloh SWT, saur hadist yakin iwal ti ku Solat,
Kangjeng Nabi SAW parantos ngadawuh:
اَلصَّلاَةُ مِعْرَاجُ الْمُؤْمِنِيْنَ (اَلْحَدِيْث)
“Ari sholat teh eta mangrupakeun mi’rajna (munggahna) jalma mu’min” (al-Hadist)
Jadi jelas Sholat anu mangrupakeun oleh-oleh Isro mi’raj kangjeng Nabi SAW teh mangrupakeun taraje pikeun jalma mu’min pikeun ngaronjatkeun kaimanan jeung ka takwaan nana, lahir jeung bathinna, bahkan urang sadaya diparentah ku Alloh SWT, saestuna urang sadaya upami aya dina karerepet urang sadayana kudu menta tulung ka Alloh SWT ku Solat jeung Sabar, sakumaha dawuhan nana:
“Jeung maraneh kudu menta pitulung ka Alloh SWT ku jalan solat jeung Sabar, jeung saestuna Sholat teh beurat kajaba pikeun jalma anu Khusyu” (QS. Al-Baqoroh:45)
والله اعلم




﴿ إِسْـتِغْفَارْ رَجَبْ
بسم الله الرحمن الرحيم
اَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ ٣× اَلَّذِىْ لآَ اِلَهَ اِلاَّ هُوَ الْحَيُّ اْلقَيُّوْمُ وَاَتُوْبُ اِلَيْهِ مِنْ جَمِيْعِ الْمَعَاصِىْ وَالذُّنُوْبِ وَاَتُوْبُ اِلَيْهِ مِنْ جَمِيْعِ مَاكَرِهَ اللهُ قَوْلاً وَّفِعْلاً وَّسَمْعًا وَّبَصَرًا وَّحَاضِرًا. اَللَّـهُمَّ اِنِّىْ اَسْتَغْفِرُكَ لِمَا قَدَّمْتُ وَمَا اَخَّرْتُ وَمَا اَسْرَفْتُ وَمَا اَسْرَرْتُ وَمَا اَعْلَنْتُ وَمَااَنْتَ اَعْلَمُ بِهِ مِنِّىْ اَنْتَ الْمُقَدِّمُ وَاَنْتَ الْمُؤَخِّرُ وَاَنْتَ عَلَى كُلِّ شَيْئٍ قَدِيْرٌ, اَللَّـهُمَّ اِنِّىْ اَسْتَغْفِرُكَ مِنْ كُلِّ ذَنْبٍ تُبْتُ اِلَيْكَ مِنْهُ ثُمَّ عُدْتُ فِيْهِ وَاَسْتَغْفِرُكَ بِمَا اَرَدْتُ بِهِ وَجْهِكَ الْكَرِيْمَ فَخَالَطْتُّهُ ِبمَا لَيْسَ لَكَ بِهِ رِضًا وَاَسْتَغْفِرُكَ ِبمَا وَعَدْتُّكَ بِهِ نَفْسِىْ ثُمَّ اَخْلَفْتُكَ وَاَسْتَغْفِرُكَ بِمَا دَعَالِيْ اِلَيْهِ الْهَوَى مِنْ قَبْلِ الرُّخَصِ مِمَّا اَشْتَبَهَ عَلَيَّ وَهُـوَ عِنْدَكَ مَحْظُوْرٌ وَاَسْتَغْفِرُكَ  مِنَ النِّعَمِ الَّتِىْ اَنْعَمْتَ بِهَا عَلَيَّ فَصَرَفْتُهَا وَتَقَوَّيْتَ بِهَا عَلَى الْمَعَاصِىْ وَاَسْتَغْفِرُكَ مِنَ الذُّنُوْبِ الَّتِىْ لاَيَغْفِرُهَا غَيْرَكَ وَلاَيَطَّلِعُ عَلَيْهَا اَحَدٌ سِوَاكَ وَلاَيَسَعُهَا اِلاَّ رَْحمَتِكَ وَحِلْمُكَ وَلاَيُنْجِىْ مِنْهَا اِلاَّ عَفْوُكَ وَاَسْتَغْفِرُكَ مِنْ كُلِّ يَمِيْنٍ حَلَفْتُ ِبهَا فَحَنَثْتُ فِيْهَا وَاَنَا عِنْدَك مَأْخُوْذٌ بِهَا وَاَسْتَغْفِرُكَ يَالآاِلَهَ اِلاَّ اَنْتَ سُبْحَانَكَ اِنِّىْ كُنْتُ مِنَ الظَّالِمِيْنَ وَاَسْتَغْفِرُكَ يَالآاِلَهَ اِلاَّ اَنْتَ عَالِمُ اْلغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ مِنْ كُلِّ سَيِّئَةِ عَلَمْتُهَا فِىْ بَيَاضِ النَّهَارِ وَسِوَادِ اللَّيْلِ فِىْ مَلاَءٍ وَخَلاَءٍ وَسِرٍّ وَعَلاَنِيَّةٍ وَاَنْتَ اِلَيَّ نَاظِرٌ اِذَا ارْتَكَبْتُهَا مَا اَتَيْتَهُ مِنَ اْلعِصْيَانِ بِهِ عَمْدًا اَوْخَطَأً اَوْ نِسْيَانًا يَاحَلِيْمُ يَاكَرِيْمُ وَاَسْتَغْفِرُكَ يَالآاِلَهَ اِلاَّ اَنْتَ سُبْحَانَكَ اِنِّىْ كُنْتُ مِنَ الظَّالِمِيْنَ رَبِّ اغْفِرْلِىْ وَرْحَمْنِىْ وَتُبْ عَلَيَّ وَاَنْتَ خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ وَاَسْتَغْفِرُكَ مِنْ كُلِّ فَرِيْضَةٍ وَجَبَتْ عَلَيَّ فِىْ اَنَآءِ اللَّيْلِ وَاَطْرَافِ النَّهَارِ فَتَرَكْتُهَا عَمْدًا اَوْ خَطَأً اَوْ نِسْيَانًا اَوْ تَهَاوُنًا وَاَنَا مَسْئُوْلٌ بِهَا وَمِنْ كُلِّ سُنَّةٍ مِنْ سُنَنِ سَيِّدِ الْمُرْسَلِيْنَ وَخَاتَمِ النَّبِيِّيْنَ مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فَتَرَكْتُهَا غَفْلَةً اَوْ سَهْوًا اَوْ جَهْلاً اَوْ تَهَاوُنًا قَلَّتْ اَوْ كَثُرَتْ وَاَنَا عَائِدٌ بِهَا وَاَسْتَغْفِرُكَ يَالآاِلَهَ اِلاَّ اَنْتَ وَحْدَكَ لاَشَرِيْكَ لَكَ سُبْحَانَكَ رَبِّ اْلعَالَمِيْنَ لَكَ الْمُلْكُ وَلَكَ الْحَمْدُ وَلَكَ الشُّكْرُ وَاَنْتَ حَسْبُنَا وَنِعْمَ الْوَكِيْلُ نِعْمَ الْمَوْلَى وَنِعْمَ النَّصِيْرُ وَلاَحَوْلَ وَلاَ قُوَّةَ اِلاَّ بِاللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ وَصَلَّى اللهُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَآلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ تَسْلِيْمًا كَثِيْرَ وَاْلحَمْدُ ِللهِ رَبِّ اْلعَاَلمِيْنَ

Tidak ada komentar:

Posting Komentar